Selasa, 16 Februari 2016

KAULINAN BARUDAK PÈRÈPÈT JÈNGKOL



Pèrèpèt jèngkol jajahèan
Kadempèt kohkol jèjèrètèan
Èh jaja èh jaja èh jaja èh jaja

Salah sahiji kahirupan budaya masarakat Jawa Barat anu geus kapopohokeun ayeuna nyaeta Kaulinan Barudak Lembur. Dina Kaulinan Barudak Lembur, ngabogaan makna anu kacida luhung, diantarana : hirup sauyunan, atikan, didikan, jeung diajar sosialisasi jeung babaturan.  Kaulinan Barudak Lembur anu sabenerna nyaèta salah sahiji proses diajar. Proses diajar ieu, barudak bisa ngembangkeun boh kaahlian boh kapinteran atawa jiwana.
Pèrèpèt Jèngkol mangrupakeun salah sahiji kaulinan barudak anu gaduh nilai atikan. Kaulinan ieu saeutikna kudu dilakukeun ku tilu barudak. 

Ø  Cara ngulinkeun kaulinan barudak ieu nyaèta :
1.      Barudak  silih patongong-tonggong,
2.      Hiji suku diangkat jadi engkle terus suku nu diangkat tadi dikaitkeun kana suku budak nu lain nu sarua diangkat.
3.      Kabèhanana silih ngait antara hiji suku jeung suku nulainna.
4.      Lamun geus panceg pakait suku, kabèhannana nèmbangkeun kakawihan pèrèpèt jèngkol  bari muter jeung luluncatan.
5.      Terus dikeprokan kuleungeun sangkan leuwih sumenget nèmbangna.
6.       Beuki lila muterna beuki cepet.
7.      Saha nu capè jeung teu saimbang awakna biasana sok labuh jeung ngaleupaskeun suku nu pakait. (Biasana sok disorakan jeung diseungseurikeun lamun èlèh labuh. Kabehananana tungtungna seuseurian pinuh ku kabungah. Lamun dilakukeun leuwih ti tilu budak kaulinan ieu leuwih ramè.)
8.       Nu èlèh tadi kaluar teu meunang ngiluan deui kaulinan.
9.      Terus nepi ka ngan ukur duaan.
10.  Nu meunang ditangtukeun ku saha anu kuat èngklè bari muter.

Ø  Nilai atikan kaulinan Pèrèpèt Jèngkol nyaèta :
·         Nurutkeun Dadan Suwarna, kaulinan Pèrèpèt Jèngkol  gaduh kakawihan anu eusina kagumbiraan sarta guyonan nyanghareupan kasangsaraan hirup. Margi dina kakawihan èta dicaritakeun hiji jalmi kabebanan panenggeul kohkol sarta si jalmi èta ngajerit-jerit nahan kanyeri. Mung kitu kaulinan ieu justru wedal  kalawan nuansa anu caos kagumbiraan sarta guyonan.
Pamaksudanana, kasangsaraan hirup anu ayeuna disanghareupan ulah dugi ngajadikeun urang pesimis . margi dibalik kasangsaraan aya kabagjaan . Anu kedah urang pigawè nyaèta mikir positip kana sagala hal dina kahirupan urang sadaya.
·         Kaulinan Pèrèpèt Jèngkol mikeun hiji palajaran pikeun urang, nyaeta ngajarkeun urang kanggo tiasa hirup sauyunan, didamel babarengan sareng jalmi sanès.
Dina kaulinan ieu, waktos urang tiasa saling didamel babarengan sarta ngadangu pitunjuk ti nu sanès, kaseimbangan tiasa kajaga kalawan sae. Mung kitu, di waktos urang parantos teu tiasa deui diajak didamel babarengan, urang labuh kabèhanana.
Èta ogè anu lumangsung dina kahirupan sapopoè. Urang kedah tiasa hirup sauyunan sarta tiasa diajak didamel babarengan sareung jalmi sanès. Lamun urang tiasa ngadangu nasèhat ti jalmi nu sanès, hirup urang sadaya bakal èndah tur tengtrem. Sabalikna lamun urang teu tiasa diajak didamel babarengan, hirup urang sadaya bakal jauh tina katengtreman.